Karang Kasirnaan

Tutulisan

Blog EntryKeluarga besar GeboyJul 23, '08 6:27 AM
for everyone
Batugunung sekarang sedang merayakan kelahiran 3 ekor anggota keluarga baru kucing. Ketiga anak kucing itu bernama goi, zeus dan abu mufakhir ... hehe...
Kucing yang beruntung itu melahirkan selama total 10 jam dari sekitar jam 9 pagi sampe jam 7 malem. Betul-betul perjuangan yang tidak main-main, sampai-sampai hampir satu RT menengok ke teras rumahku dan mengucapkan selamat, hehe....
Di antara rasa sakit melahirkan, Geboy, sang wanita kucing (atau kucing wanita ?) yang perkasa masih mampu menghalau kucing-kucing jantan (curiga suami-suaminya) yang bermaksud mencuri anak-anaknya.
Tentu saja, perjuangan Geboy dibela sama ibu-ibu di sekitar, juga kita sbg penghuni rumah. Ayo geboy... hadapi dunia dari dominasi para lelaki itu... enak aja, mereka meninggalkan benih di tubuhmu, pergi begitu saja, lalu datang untuk memakan anak-anakmu... biadab.
Hidup geboy...
Hidup semua Ibu perkasa di dunia....



Blog EntrySinom & Asmarandana (jilid 2)Jul 18, '08 11:33 PM
for everyone

SINOM

 

452

Mugi eta sadayana

Sepuh anom nu kauni

Geura jajah salirana

Pilari nu nyumput buni

Ulah ngan sakadar muni

Nu disembah bangsa wisnu

Mun kitu salah sembahna

Nyaah teuing ku jasmani

Tangtos pisan moal dugi ka asalna

 

453

Da menggahing gusti Allah

Teu nyempad teu milih-milih

Sanajan lakuna salah

Dianteur tara ditolih

Ngan ku urang kudu pilih

Ulah tungtung matak ngangluh

Mun urang jalanna salah

Tangtos moal tiasa mulih

Sabab urang teu panggih jeung datna Allah

 

454

Pan aya basa carita

Lamun ka jalma nu mati

Lumbrah jalma cacarita

Pokna teh mulih ka jati

Pedah dugi ka pasti

Tapi saenyana tangtu

Ngan ukur dina carita

Atina jongjon teu ngarti

Na kumaha mun jatina acan nyata

 

455

Geus lumrah karana aman

Nyambung dunga bari hamin

Muga ditarima iman

Nurutan nu geus muslimin

Bari elmuna muslimin

Ukur dicipta ku lamun

Jauh terang kana iman

Henteu cara para mu’min

Nyebutna teh geus terang jatining iman

 

456

Kapan jalma aya asal

Tapi najan teu dimisil

Mun palay mulih ka asal

Mangga tungtik tangtu hasil

Tangtos hasil mun disisil

Ilmuna masing kasusul

Sanajan miara bangsal

Lamun dihantem disisil

Geuning sidik rasana teu jadi kosal

 

457

Tah kitu jalan upama

Nu jadi jalan utami

Milari ilmu agama

Da urang teh moal lami

Tangtu misah jeung sasami

Geus pisah jadi kamumu

Lantaran teu tumarima

Ngan tarima jadi jalmi

Marukanan teu aya jatining jalma

 

458

Mangga manahan ku sepah

Manahan masingna rapih

Mun salah tong dipilampah

Minangka jadi panyapih

Lamun leres mangga ampih

Susul pigeusaneun sepuh

Sepuh dina laku lampah

Malar bisa repeh rapih

Da jalma teh ibarat jadi palapah

 

459

Mun palapahna geus misah

Tangkalna henteu miasih

Nu mawi ilmu kedah sah

Ulah sok pasalisih

Ka jalmi kedah miasih

Ulah arek nyieun musuh

Bisi pinanggih jeung susah

Tegesna kedah beresih

Masing sieun ku Allah da teu papisah

 

460

Kumaha atuh jalanna

Supados pendak nu buni

Tapi di urang ayana

Teu katinggal ku jasmani

Da puguh barang rohani

Geuning ceuk dalil wujud Nur

Mun teu dirakrak wujudna

Nya wujud ieu jasmani

Hamo bisa papanggih reujeung eusina

 

461

Nu mawi wajib teangan

Malar ati bisa dingin

Tangtu jadi kasenangan

Sing panggih jatining angin

Geura manah angin-angin

Mun kapanggih moal ngungun

Kana tahyul teu ngiringan

Sab terang jatining angin

Geus terang mah pakeun urang sorangan

 

 

 

ASMARANDANA

 

462

Nu mawi wajib disungsi

Margi urang teu kawasa

Kedah ngalakukeun hese

Sartana kedah rumasa

Rumasa taya kabisa

Kabisa ngan nganteur napsu

Teu eling kanu kawasa

 

463

Mugi-mugi sing areling

Ulah asih kumapalang

Ulah seueur nu dipelong

Sapedah aya kamelang

Bilih urang jadi belang

Tungtungna sok matak linglung

Teu terang kanu gumilang

 

464

Nu gumilang dina diri

Ayana henteu katara

Nu mawi henteu kawaro

Upami nu ngaji sara

Moal weleh nyandang lara

Upama henteu guguru

Guguru ngakat salira

 

465

Tapi lamun rek milari

Milari eusi salira

Ngarah urang ngeunah sare

Badan ibarat panjara

Dikunci henteu katara

Tah eta ulah kaliru

Pilari kunci salira

 

466

Lamun konci geus katukil

Tangtos kaharti ku akal

Sagala oge kacokel

Bekel sinarengan bakal

Mo aya manah basangkal

Sanajan aya nu mukul

Ditampa sabar tawekal

 

467

Males ku kalimah kalih

Sahadat anu katelah

Saratna karana saleh

Tah pilari ulah salah

Nyatana dat gusti Allah

Da henteu mangpuluh-puluh

Estu hiji moal salah

 

468

Tapi lamun geus kapanggih

Poma ulah rek gumagah

Baragagah-baragegeh

Kajeun kolot dipiconggah

Carios teu diagah

Rasa aing nu geus puguh

Tah eta kedah dicegah

 

469

Batal ceuk basana santri

Teu terus jadina setra

Malahan jadi celetre

Sanajan bungkusna sutra

Lamun laku henteu setra

Tungtungna sok loba satru

Dipingewa palamitra

 

470

Ku urang kedah diaji

Ulah ngan saukur beja

Kudu karana katenjo

Dina ati masing ngoja

Jeung kudu sidik ka raja

Da wujud mah ngan jadi baju

Bungkus ngahalangan raja

 

471

Ari nu kedah diuji

Ngabuktikeun omong beja

Sanes ngaji jilid hejo

Eta mah anu bebeja

Tuduh jalan nu diseja

Sangkan ku urang dipaju

Supaya jadi raharja

 

 

SA’IR

 

Neda maap kasadaya wargi

Ka pameget rawuh istri

Ieu suluk dijieun sair

Sugan kasasar ku pikir

 

Carita kitab anu ditukil

Nyokot misil nu jadi hasil

Ieu jaman parantos ahir

Bakal maot kudu dipikir

 

Ulah atoh ku loba duit

Lain diut pati hurip

Raoskeun mun datang sakit

Sakumaha lobana duit

 

Ari diri saperti kembang

Di dunya pikir kumambang

Malati di pingging lombang

Geus ligar murag ka lombang

 

Poe ieu bisa leumpang

Poe isuk can kawangwang

Poe ieu urang senang

Isukan mah biheung mulang

 

Kembang malati rupana putih

Sedep seungit sajeroning ati

Sok bimbang mikiran diri

Kumaha isuk nepi ka janji

 

Nu kasebat enggeus yakin

Rasa dua ngangin-ngangin

Ngangin rasa sajati

Karaos hirup jeung mati

 

Gusti allah wajib ayana

Euweuh dina ayana

Geura tareangan dat na

Engke harti sadayana

 

Dua puluh sipatna pangeran

Datna kudu teangan

Sangkan ulah kabingungan

Kakat di diri sorangan

 

Wali turutaneun urang

Ulah salah tekad urang

Ulah ngagugu nu ngalarang

Eta teh omongan baruwang

 

Ulah iman ka barang ruksak

Qur’anul adim sing kapendak

Ulah eureun memeh mendak

Ulah kawas ngaji budak

 

Ulah katungkul ku dunya

Teangan elmu sampurna

Napsu mah taya putusna

Karasa dina pupusna

 

Kapir lain walanda cina

Kapir teh nu jahat atina

Nu ngumbar bae napsuna

Kanu goreng taya pegatna

 

Jalan jahat mah babari

Jalan hade rasana nyeri

Elmu teh kudu pilari

Nuduhkeun jalan lastari

 

Sing isin ku nu kawasa

Nu bareng henteu papisah

Eta nu murba kawasa

Terang ka sagala dosa

 

Malikan malati tadi

Resep kanu beresih ati

Amis budi carita ilmi

Matak narik manah resmi

 

Mudu madi cai nu suci

Lain cai ngala ti kali

Cai suci di jero ati

Cai suci matak beresih

 

Teangan di badan urang

Aya cai bening nya herang

Mudu nanjak gunung larang

Kunci larang alam padang

 

Meungpeung hirup kudu guguru

Sangkan salamet di ditu

Laku lampah kudu jeung ilmu

Lahir batin gampang katimu

 

Teangan kubur nu tangtu

Lain kubur tutup batu

Kubur hirup di jero kalbu

Nya eta sipatna elmu

 

Poek ati poek bulan

Poek bulan poek iman

Lain caang caang bulan

Caang soteh caang iman

 

Paribasa tetepkeun iman

Tetepna dimana kutan

Nyaho ge iman teu acan

Da lain caangna bulan

 

Ngaji teh ulah ngajibris

Mun ngaji mudu ngajinis

Ngaji badan masing tapis

Ma’na quran lapis-lapis

 

Bisa ngaji ulah kumaki

Mun tacan isbat jeung napi

Dalil qur’an tuduh harti

Jauh keneh kana katepi

 

Euweuh deui sipat hirup

Anging dat Allah nu cukup

Masing ngarti urang hirup

Mun harti ngelmuna cukup

 

Ulah hirup nya hirup urang

Nuduh Allah di Awang-awang

Nu kitu jalma badawang

Kahakananana bugang

 

Allah ningali ka urang

Urang ningal hirup urang

Panon teh pipinding terang

Manahan ku ahli ngarang

 

Sembahiyang kudu husu

Mudu tutup sakabeh napsu

Napsu opat ulah metu

Lain solat nangtung kitu

 

Allohu akbar kudu ta’jim

Mudu sidik ka alam batin

Lain beurang lain peuting

Lalangse beureum jeung kuning

 

Geus euweuh wujud kaula

Didinya naon nu aya

Lain akbar kapala mata

Akbar anu sajatina

 

Kaula geus henteu aya

Ganti, Pangeran nu aya

Nyebut aya teu ngarasa

Manahan ku ahli rasa

 

Sair waca senangna pikir

Mun lepat mangga dipungkir

Wantu wantu kecap sair

Sabijilna tina pikir

 

Ieu sair urang ditutup

Geus wengi urang arasup

Seungit malati geus kaambu

Kulambu geura pek ringkup

 

 


Blog EntryLayang Muslimin Muslimat (masih jilid 1)Jul 18, '08 11:32 PM
for everyone

KINANTI

 

156

Kieu eta anu tujuh

Hartina sahiji-hiji

Mimitina mah qodiran

Hartina kawasa gusti

Muridan keresa allah

Aliman uninga gusti

 

157

Hayan the artina hirup

Nya eta hirupna Gusti

Sami’an ngadanguna Allah

Bashiran Allah ningali

Katujuh Mutakaliman

Allah nu ngandika deui

 

158

Sabab eta anu tujuh

Aya nyatana di diri

Aya di badan sapata

Mun manggih tangtu hasil

Kabuka hijabna Allah

Kabingung tos tangtos leungit

 

159

Malah-malah rai lamun

Kapanggih nu tujuh tadi

Sifat-sifatna kapendak

Dina sakujuring diri

Tapi sanggeusna kapendak

Tarekatna pek pilari

 

160

Mun tarekatna kasusul

Tanwande ma’rifat jati

Kana datna Gusti Allah

Nu caang sajero ati

Carek babasan jawa mah

Teangan sajero dikir

 

161

Nu kaya dilah gumantung

Kaya sarangenge bijil

Gumantung tanpa cantelan

Kitu ceuk babasan jawi

Tatapi lamun kapendak

Jasmani tangtuna sepi

 

162

Rasa moal boga wujud

Kagenten ku warna rupi

Nya eta nu tadi tea

Nu kaya srangenge bijil

Kaya lintang karahinan

Jeung kaya emas sinangling

 

163

Rai lamun enggeus kitu

Kakara tangtu mangarti

Kana napi sareng isbat

Karasa sareng kapikir

Lamun teu acan kapendak

Kumaha bisana harti

 

164

Malah dalil antal maotu

Qoblal maotu kapanggih

Hartina bisa karasa

Paeh samemehna mati

Raina lajeng ngajawab

Rada keder pikir rai

 

165

Aya paeh memeh pupus

Naonana atuh anu mati

Lamun nyawana anu wapat

Atuh moal balik deui

Gumelar deui ka dunya

Rai weleh henteu ngarti

 

166

Ceuk raka kade kaliru

Sanes nyawana nu mati

Sategesna rasa nyawa

Nu paeh sama sakali

Ari rasa nyawa eta

Sategesna napsu dhohir

 

167

Dina eukeur waktu kitu

Teu inget anak rabi

Sumawon ka harta banda

Diri ge teu kapieling

Wungkul cengeng ka Dat Allah

Ninggal ku sajero ati

 

168

Kitu rai mun teu maphum

Eta anu saperkawis

Nu kadua perkawisna

Kudu ngarasakeun misti

Dina nyerina sakarat

Jalan paeh ke di ahir

 

169

Geuning ceuk basa karuhun

Ka anakna ngeweweling

He barudak kudu bisa

Nganjang ka pageto misti

Supaya maneh waluya

Sangkan lampah ati-ati

 

170

Geura pek ku rai emut

Eta saur sepuh tadi

Nu bener kabina-bina

Geuning ayeuna kapaggih

Bet aya dina hadisna

Babandingan basa tadi

 

171

Nyaeta antal maotu

Jeung qoblal maotu deui

Kapan teu beda maksudna

Kudu paeh memeh mati

Singhoreng sangkan boga

Kasieun engke di ahir

 

172

Lamun geus ngarasa pupus

Sasat geus ngarasa nyeri

Ngarasa rasa sakarat

Piraku rek liwar teuing

Ngajujur laku maksiat

Da aya kasieun pasti

 


Blog EntryFanaaJul 15, '08 12:38 AM
for everyone

Fanaa ku

Bentuk majasi menipu

Butakan mata, tak mampu memandangmu

Tulikan telinga.

...katakan sesuatu

 

Kutahu

hinaku tak pantas tersentuh rindu

Tak layak aku medambamu

tapi juga tidak selainmu

 


Blog EntryBuhbul dan burung mawarJul 11, '08 3:55 AM
for everyone
Saya tidak begitu yakin, burung bulbul atau buhbul ? Baiklah, sementara anggaplah burung buhbul. Ini cerita yang sangat klasik dan diulang-ulang dengan banyak versi. Saya Cuma ingin menceritakan ulang cerita si burung buhbul ini.

 

Walaupun judulnya buhbul dan bunga mawar, tapi pada kisah ini, mereka bukan pemeran utamanya. Sang pemeran utama adalah seorang pemuda yang jatuh cinta. Sang pemuda mendambakan seorang gadis yang kecantikannya seperti matahari yang bersinar hangat. Siang malam sang pemuda menceritakan kerinduannya pada sang gadis melalui seekor burung buhbul yang sering hinggap di jendela kamarnya. 

 

Burung buhbul setia mendengarkan sang pemuda. Dalam hati ia merasa sangat khawatir pada sang pemuda. Sehingga timbul rasa sayang di hati sang buhbul. Ia berangan andai ada sesuatu yang bisa dilakukannya untuk membahagiakan pemuda sahabatnya itu.

 

Pada suatu hari, sebuah kabar hinggap di telinga sang pemuda (saya lupa lagi bagaimana kabar itu hinggap). Bahwa sang gadis sangat menyukai bunga mawar merah. Kabar ini mengilhami sang pemuda untuk mengungkapkan perasaannya melalui sekuntum mawar merah, untuk sang gadis.

 

Seperti biasa, ia menceritakan rencananya pada sang buhbul. Dengan penuh semangat, sang pemuda pergi ke pasar dan mencari bunga mawar merah yang akan diberikannya pada sang gadis. Tapi ternyata, entah kenapa, seluruh bunga mawar di kota itu telah dibeli oleh seseorang dan ia tak mendapatkan barang sekuntum pun mawar merah yang ia inginkan.

 

Akhirnya sang pemuda pulang dengan lesu. Sebetulnya ia punya sebatang pohon mawar. Tapi mawar itu putih, seputih salju. Tumbuh liar di tepi pagar rumahnya.

 

Sore itu, buhbul kembali hinggap di jendela kamarnya. Sang pemuda, kembali bercerita. Tentang sang gadis, tentang bunga mawar merah dan tentang ketiadaan bunga itu di pasar.  Dengan tidak bersemangat, akhirnya ia menutup jendela karena hari menjelang malam.

 

Burung buhbul melihat ada titik terang. Mungkin bila dia bisa mencari bunga mawar merah untuk diberikan pada gadis itu, mungkin sahabatnya tak akan tampak sengsara lagi seperti itu. Mungkin kalau ia bisa menemukan sekuntum bunga mawar merah. Sang pemuda akan menemukan kebahagiaannya.

 

Lalu dengan mengandalkan sisa lembayung sore,ia terbang berkeliling kota. Matanya dipicingkan untuk melihat setiap sudut taman, bila ada sekuntum bunga mawar merah yang bisa didapatkannya. Hari semakin gelap dan ia tak juga menemukan bunga itu.

 

Akhirnya buhbul kembali ke rumah sang pemuda dengan perasaan sedih. Ia tak mampu menemukan bunga yang diinginkan sang gadis. Tiba-tiba pandangannya menangkap sekuntum mawar liar yang tumbuh di balik pagar. Bunga mawar itu cukup besar tapi warnanya putih seputih salju. Sang gadis menginginkan mawar merah. Harus yang besar dan merah, bukan yang putih.

 

Buhbul hinggap di pagar dan berbicara dengan bunga mawar liar itu.

”Hai...” (kira-kira, itu yang ia katakan)

”Hai juga buhbul...”

”Wahai mawar,  apakah kau tahu dimana aku dapat menemukan bunga mawar merah ?”

”Ummm... aku tak tahu... aku tak pernah pergi dari tempat ini. Kau tau sendiri kalau aku tak punya kaki ”

Buhbul merasa bodoh...tentu saja, mawar itu tak tau.

”Memangnya, kenapa kau menanyakan bunga mawar merah ?”

Buhbul akhirnya menceritakan semua kisah sang pemuda dan keinginannya untuk membahagiakan sang pemuda.

Sang mawar putih terdiam. Ia pun merasa kasihan pada sang pemuda yang sering dilihatnya termenung di balik jendela. Rupanya itu yang membuat sang pemuda selalu tampak murung.

 

”Sebetulnya aku bisa berubah menjadi merah...” tiba-tiba sang mawar berkata, setelah keduanya berdiam diri beberapa saat.

”Betulkah ? bagaimana caranya?” tanya buhbul dengan penuh semangat.

”Aku harus mendapatkan warna merah itu ... dari darah” kata mawar pelan, hampir tak terdengar. Ia ragu-ragu dengan gagasannya sendiri.

”Darah ? maksudmu ?”

”Darah itu yang akan mewarnai kelopakku menjadi merah, semerah darah. Tapi, darimana kita akan mendapatkan darah ?”

 

Hening, beberapa saat...

 

”Dimana kau membutuhkan darah itu, supaya dapat mewarnai kelopakmu?”

”Pada batangku, tentunya”

”Baiklah, kalau begitu, aku akan menusuk tubuhku dengan duri pada batangmu, supaya dapat mewarnai kelopaknya menjadi merah.”

”Buhbul, kau jangan bercanda...”

”Aku tidak bercanda... ayo lakukan ”

 

Buhbul menusuk tubuhnya dengan duri mawar dan darahpun mengalir melalui batang, masuk ke dalam ranting, menerobos klorofil dan mewarnai pangkal kelopak sedikit demi sedkit.

 

Mawar iru bersemu merah menjadi merah muda. Sang mawar berseru

”Sudahlah buhbul, aku sudah menjadi merah”

”Belum, itu masih kurang, kau masih tampak pucat”

Buhbul semakin dalam menusukkan duri itu di tubuhnya. Sayapnya terkulai lemas.

”Sudah cukup... kau bisa mati !!” sang mawar berseru panik.

”Masih kurang...masih kurang....masih kurang merah...”

Begitu sang buhbul mengulang-ulang kata-katanya. Ia ingin mawar itu menjadi besar dan cerah berwarna merah.

 

Hingga akhirnya, seluruh kelopak mawar menjadi sangat merah, bahkan sebagian daunnya yang hijaupun bersemu merah. Sang buhbul tak mampu lagi menopang tubuhnya. Ia jatuh ke balik semak belukar di balik pagar.

”Buhbuuul...” mawar terisak sedih.

 

Matahari bersinar perlahan. Rupanya hari menjelang pagi.

 

Sang pemuda membuka jendela. Dan betapa terkejut ia, ketika melihat sekuntum bunga mawar merah yang sangat besar di dekat pagar. Dengan tergesa, ia pun menghampiri bunga itu.

 

”Bagaimana mungkin.... aku tak pernah melihat bunga mawar semerah ini sebelumnya...” ucapnya, takjub.

 

Tergesa, dipetikkan bunga mawar itu, disimpannya dengan hati-hati. Lalu dengan hati ringan, ia segera bersiap-siap untuk mempersembahkan bunga itu pada gadis idamannya.

 

Setelah siap, ia pun melangkah menuju rumah sang gadis. Dengan riang diketuknya pintu.

 

Sesosok gadis membuka pintu. Betapa senang sang pemuda, rupanya sang gadis langsung yang menyambutnya. Dengan jatung yang berdebar, tanpa mampu berkata-kata dijulurkannya bunga mawar merah yang dibawanya. Matanya berbinar, menyimpan semua kata yang akan segera diucapkannya.

”Aku... ingin memberikan bunga ini untukmu..”

Sang gadis terdiam beberapa saat, lalu membuka pintu rumahnya lebar-lebar. Dari balik pintu sang pemuda dapat melihat jelas, betapa rumah itu telah dipenuhi dengan banyak sekali rangkaian bunga mawar merah. Rupanya yang menginginkan sang gadis bukan hanya dirinya. Salah satu dari laki-laki yang mencintai sang gadis telah membeli semua kuntum bunga mawar merah di kota itu untuk diberikan pada sang gadis. Itu sebabnya sang pemuda tak dapat menemukan bunga itu di pasar.

 

”Aku sudah memiliki semua mawar merah di kota ini” ucap sang gadis.

Sang pemuda terdiam.  Seorang laki-laki berpakaian rapi keluar dari dalam rumah.

”Maaf, aku harus pergi”

Sang gadis melangkah keluar bersama lelaki yang telah memberinya banyak sekali bunga mawar merah. Sang pemuda termenung...

 

Perlahan ia melangkah keluar dari pekarangan rumah sang gadis. Tangannya terkulai lemas. Mawar merah lepas dari tangannya....

Sebuah kereta kuda lewat. Roda-rodanya menggilas mawar merah yang akhirnya lumat, bersama debu di jalan itu....

 

Sore itu, sang pemuda menunggu buhbul untuk menceritakan kisahnya...

Tapi buhbul tak pernah datang lagi..

 

 

.


© 2008 Multiply, Inc.    About · Blog · Terms · Privacy · Corp Info · Contact Us · Help